HITUT
Asssalammualaiku,.. sampurasun Nepangkeun nami abdi .... Pami ku rerencangan di saur “ Fadilah ganteng mereketengteng jiga rantang ‘ Penonton’.. abdi didieu bade borangan ,.. maksadna bade ngobodor sorangan,.. Omat ulah dibaledogan abdi sanes jalmi gelo. Abdi bade nyarita kondisi sareng pangalaman abdi,.. Saganteng ganteng na abdi,.. sagoreng sagoreng na penonton,... ehh salah tibalik sagoreng gorengna penonton saganteng gantengna abdi tetap weh sami hitutna bau Penonton,... Saha anu hoyong hitut?? Enke ku abdi dipasihan hehehe Perkawis hitut,.. Jadi emut ka tetangga, namina Udin saurna gaduh panyawat teu tiasa hitut, tos sasih anjenna teu tiasa hitut,.. hiji poe anjeng dibawa ka dokter spesialis hitut,... saurna alhamdulillah bisa hitut deui margi ku du disuntik husus kanggo hitut,.. Penonton. terang teu pangaosna sabaraha pami hoyong hitu...