"RUPI RUPI DI WARUNG"

carita ieu dumasar tina pangalaman sorangan. 

tiasa dijadikeun naskah lomba borangan. ulah hilap komen dibawah.


(salam,..perkenalan,... tEuma “rupi rupi diwarung teh”)

Euma : neng,.. Euma bade arisan heula, antosan warung  sakedap. 

Abdi : muhun ma, kinten kinteun uih tabuh sabaraha

Euma : sontenan tabuh opatan,.. ati ati diwarungna nya

Abdi : muhun ma

Penonton... saha anu bade jajan ka warung abdi.???

Karek ge rek diut, aya anu ngamen “ neng geulis pujaan akang, neng geulis akang hoyong tepang  “,...

Abdi : naha mang  nyanyina euren,??

Pengamen 1  : heheh,.. da sakitu apalna. (bari seuri)

Abdi : ooo,.. pami laguna tamat,.. sabaraha mang??

Pengamen 1 : biasana aya nu masihan sarebu.

Abdi : pami kitu,.. abdi masihan maratus nya !! da  satengah lagu.

Pengamen 1 : muhun teu sawios,.. alhamdulillah lima ratus oge, komo nu masihanna ,.. neng anu geeulis bari baed  terus  ngaleos)

Abdi : ehh si mang mah,... tamatkeun heula laguna.  Mung hayang sarebu mah,..

 

Teu lilia budak rek jajan

Budak : meser meser meser  meser

Abdi : meser naon jang ???

Budak : ieu teh tulisan na.

Abdi : aduhh,.. loba kieu, pesananna :aya  kecap 1 botol, kopi saset, 2 roti buah, coklat 1 buah, sampo 1 botol, sabun 2 buah, odol 1 buah, kurupuk anu 5000, rinso, minyal 2 leter, kue kering lima rebueun

Budak : atos teh !!

Abdi : ieu  barangna,...mana artosna

Budak : saur mamah nganjuk heula,.. ke enjing artosna

Abdi : saurkeun ka mamah,..tong nganggo tulisan,.. candak weh sadaya !!!

Budak : muhun ke diwartoskeun ka mamah

Abdi : waduh (tepak jidat) salah deui

.

Teu lila aya anu ngamen deui

Abdi : ke mang,.. bade ngamen ,..   pami salagu sabarah pangaosna?

Pengamen 2 : teu tangtu,.. tapi rata rata masihan sarebo pami salagu

Abdi : kaleresan nuju sepi teu aya musik,...lamun abdi masihan 20.000,... sabaraha lagu??

Pengamen : waduuhh,,,, 20 lagu,.. salagu wae ge can tangtu tamat.

Abdi : nya atuh ,.. sok nyanyi

Pegamen 2 : panonna alus, irung alus, biwir alus

                        Ditempo diharep digigir meni mulus

                        Ngan hanjakal pisan kalakuan siga setan...

 

Abdi : naha mang laguna ereun.

Pengamen 2 : heheh  apal ngan sakitu.

Abdi : ieu mang lima ratus wae da laguna teu tamat

Pengamen 2 : nuhun de (ditampi bari baeud terus ngaleos)

 

Teu lami pengamen indit,.. datang  jalmi,..(tetangga)

Torojol datang  bapa bapa.

 

Tetangga : neng ari mamah aya??

Abdi : teu aya,.. aya naon kitu

Tetangga : teu aya nanaon,.. neng meser roko 2 bungkus, kopi 5 sashet, roti 4.

Abdi : sakeudap,... dibungkus heula,.....ieu pa.

Tetangga : sabaraha neng ???

Abdi : sadayana jadi 80 ribu

Tetangga : tulis heula neng, wartoskeun ka mama,... enjing di bayar.

Abdi : waduh ,...(tepok jidak) geningan keu ,... kumaha mun  si Euma apaleun.

 

Teu lila pengamen datang deui.

Pengamen : jreng jreng

Abdi : ke ke mang,,. Eumang anu ngagitar abdi anu nyanyi

 Pengamen : lagu naon neng

Abdi : anu viral tea “jangan pernah’’

Pengamen : jreng ...

Abdi : jangan pernah kau sakiti aku lagi,. Cobalah untuk lengkapi warung ku ini, ku ingin menjaga warung ini,.. da moal maju...loba nu ngutang

 

Penonton...

Dewan juri anu sim kuring dipihormat

Tenyata ngawarung teh seusah pisan,  majunana.

Ari nganjuk ka warung urang

Ari keur  loba duit meulina ka minimarket

 

Atuh RINGKAD SAYANG.

wassalam

 

 

 

 

 

 


Komentar